Saturday, November 1, 2008

ga bisa ditranslate hihihi......

hmm.... bararingung iyeu teh.....
asa bingung jeung bingung wae nyak eci teh hihihi...
ahk, dimimitian siyh jadi we bingung nyaanan.... ikhlas tapi da suer :) ikhlas pisan......
ngan ayeuna nu jadi matak bingung teh pedah deadline na teu fleksibel pisan, jadi asa digurung gusuh teu puguh.. (siga wartawan wae aya deadline xixixixixi)...
kapikiran tuluy euy ayeuna mah, kabawa perasaan hungkul meureunan nyak ? atawa emang tos main hati ?
sigana abi nu lepat, kabawa perasaan jeung suasana teuing.. padahal can waktuna, padahal meureun sanes kieu cara menyikapina... tapi kedah kumaha atuh nu leres ? hare2keun wae ? tong ngangge perasaan ? anggap heuheureuyan ? kitu ? ataw emang ngan kage-eran hungkul nyak abi teh ? padahal mah emang teu aya nu kedah diemutan tina episode ieu teh da emang ngan episode nu ngaramekeun hungkul.... duka atuh, aslina bingung kedah kumaha jeung kamana =(
da hoyong na mah enggal2an, sanes nanaon.. teu gaduh seueur waktos deui abi teh... kahoyong mah kereteg hate nu tos pas iyeu teh tiasa diteraskeun ka dongeng nu langkung sae deui, nu langkung berkah... tapi sigana teu mungkin, langkung teu mungkin ti nu saacana.... kaayaanana langkung kompleks deui, langkung rumit... melibatkan langkung seueur elemen nu bakal ngahalangan T_T
naha atuh nyak Gusti Alloh teh kalakah ngadamel dongeng nu langkung pabaliut deui ? sugan teh nu kamari dibereskeun bakal dikintun nu pijanteneun, ai pek teh nu langkung nguji kasabaran...
nyak atuh pasrah deui we ayeuna mah, da kumaha deui atuh.... meureun aya leresna oge saur c mamoy, boa2 ari jodo mah ojol2 diwidian ku nu teu mungkin oge.... meureun we ojol2 dipapaksa ku nu kedahna ngahalangan :)
ayeuna mah bismillah we heula panginten nyak, dinikmati unggal detikna... disyukuri krung kring enjing-enjingna ;p (tah aya nu cengar-cengir katingalina heheheh....)
nyak urang rarasakeun we atuh sababaraha dinten kapayun nyak, upami memang teu kenging dileuleuwihi mah nyak atuh urang wangsulkeun we ka nu gaduhna, ngameh digentosan deui ku nu sanes =(




2 komentar:

Anonymous 04 November, 2008 22:29  

Hampura Ciii,,,,,,sumpah teu ngarti? Cik atuh mun nulis teh keur teu bingung
Meh teu bingung macana..........bilih lepat tafsir.

Echi 06 November, 2008 23:19  

sami atuh abi oge jadi mingkin binguuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuung ahahhahaha....

Post a Comment

Mangga kalo mau komentar 'ndak perlu bimbang atau ragu.. saya 'ndak akan marah apalagi ngambek kok kalo komentarnya bikin ngamuk sekalipun hehehe..
silahkeun..


Get a playlist! Standalone player Get Ringtones

dongeng hidup Blog re-Design by Cebong Ipiet © 2008|Support by Mobil Keluarga Terbaik Indonesia

Back to TOP